Kamis, 29 Maret 2012

MULOK BAHASA SUNDA KELAS 6 SEMESTER 2 (Kode Soal: BSUN_Uy9hd)

Mieling Hardiknas

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Puji sinareng sukur ka Allah SWT nu parantos masihan ka urang mangrupi-rupi kani’matan di dunya. Teu hilap solawat sinareng salam urang haturkeun ka junjungan urang, Nabi Muhammad SAW, kulawargina, sareng para sahabat-sahabatna, sareng mugia urang sadayana kalebetkeun umatna. Amin yaa robbal’alamin.
Barudak nu sarua mikacinta ieu bangsa jeung nagara tangtos hidep tos pada terang sareng ngama’lum yen nagara urang anu dipikacinta ieu teh lami pisan dijajah ku bangsa deungeun. Tanah jajahan dijieun tempat neangan kauntungan wungkul. Nasib rahayat ditatah dijajah mindeng pisan disiksa ku dununganana. Nu ngawitan kagungan niat sareng tekad hoyong ngaronjatkeun darajat rahayat bangsa Indonesia nyaeta  Dr Wahidin Sudirohusodo ku jalan ngamajukeun pangajaran. Ku sabab eta urang Indonesia kudu ngadegkeun rupa-rupa sakola nya dina tanggal 20 Mei 1908, ku alpukahna Dr Sutomo jeung Gunawan Mangkusumo diadegkeun Pakumpulan Budi Utomo nu mangrupa hiji pakumpulan nu mibanda tujuan pikeun ngamajukeun pangajaran di nagara urang.

I. Cakra (X) salah sahiji aksara A, B, C, atawa D anu dianggap bener!
1.    Judul biantara di luhur nyaeta .... 
A.    Mieling Hardiknas     B. Mieling Nasional    C. Mieling Kasadaran     D. Mieling Urang

2.    Tujuan biantara nyaeta ....
A.    ngajak      B. ngajar    C.  mere     D. menta

3.    Nu biantara di luhur nyaeta ....
A.    ibu guru     B. bapa guru    C.  bapa kapala sakola     D. ibu kapala sakola

4.    Dina biantara poko pasualan diteundeuna dina .... 
A.    bubuka     B. eusi    C.  panutup     D. panyelang

5.    Anu macakeun warta dina radio atawa tv disebutna ....
A.    wartawan     B. penyiar     C.  panata acara      D. panata laga

6.    Tata krama disebut oge ....
A.    sopan santun     B. cara ngobrol      C.  paripolah     D. papatah

7.    Lutung teh satoan sabangsa ....
A.    careuh     B. ucing    C.  monyet     D.  oray

8.    Warta dina koran anu dicitak atawa ditulis dina halaman panghareupna nyaeta warta nu ....
A.    biasa     B. heubeul    C.  ilahar     D. penting

9.    Para hadirin asal kecapna nyaeta ....
A.    hadir     B. para hadir      C. hadirin     D. rahadir

10.    Di basisir laut kidul ombakna pating jalegur. Kecap jalegur make rarangken tengah ....
A.    um     B. in      C. al     D. ar

11.    Bapana indung hidep disebutna ....
A.    aki     B. emang     C. ua     D. uyut

12.    Gambar alam dunya anu buleud mangrupa bal disebutna ....
A.    peta     B. grafik     C. globe     D. atlas

13.    Di handap ieu nu kaasup kalimah langsung nyaeta  ....
A.    “Tong lulumpatan bae bisi cilaka!” ceuk bu Nani     C. Jung budak teh nangutung
B.    Jung budak teh nangtung         D. Di mana ayana tangkal naga?

14.    Anu ngatur jalan carita dina drama disebutna .... 
A.    pamaen     B. tokoh    C. sutradara     D. panata laga

15.    Di kelas gambaran absen murid sok make grafik  ....
A.    garis     B. batang    C. buleud     D. tangkal

16.    Di handap ieu anu kaasup kalimah piwuruk nyaeta ....
A.    Murid kelas VI keur diajar tata krama basa     C. Ulah kabawa sakaba-kaba, Rin!
B.    Tata krama urang sunda geus mimiti luntur     D. Mang Dirman meuli bubur ayam

17.    Grafik teh mangrupa gambaran ....
A.    data     B. batang    C. pamandangan     D. jalma

18.    Drama anu eusina nyaritakeun ti awal nepi ka akhir pinuh ku kajadian anu matak pikaseurieun disebutna drama ....
A.    lucu     B. komedi    C. tragedi     D. parodi

19.    Kecap panambah pikeun jalma anu rek naek kana tangkal nyaeta ....
A.    blug     B. terekel     C. koleang     D. gedebug

20.    Upami sepuh nuju .... kedah didangukeun
A.    nyarios     B. nyarita     C. nyanggeum     D. ngomong

21.    Lamun urang teu ngarti kana hiji pangajaran, urang kudu ....
A.    ulin     B. niron     C. cicing     D. tatanya

22.    Tempat kajadian dina carita ngaranna ...
A.     latar     B. tokoh    C. watak     D. alur

23.    Sawala gunana pikeun ....
A.    neangan     B. ngarempugkeun     C. ngantep     D. nyeungseurikeun

24.    Lamun kerja kelompok urang kudu .... pamagedan batur
A.    maksa     B. ngahargaan     C. ngantep     D. nyeungseurikeun

25.    Jadi jalma mah ulah kurung ....matak teu nyaho kamajuan
A.    hayam     B. manuk     C. japati     D. batok

26.    Wartawan dina nulis warta sok diselapan ku basa nu populer . Populer hartina ....
A.    anyar     B. loba     C. gaya     D. ngetop

27.    Kawas kuda leupas ti gedogan. Gedogan hartina ....
A.    imah kuda     B. kandang kuda     C. tempat ulin kuda     D. parab kuda

28.    Hal anu paling utama lamun urang nulis naskah biantara nyaeta urang kudu nangtukeun heula ....
A.    tema     B. judul     C. pikiran     D. maksud

29.    Sawala dilakukeun ku jalma ....
A.    lobaan     B. saurang     C. bari heureuy     D. bari ulin

30.    Carita anu aya hubunganana jeung hiji tempat disebutna ....
A.    legenda     B. fabel     C. daerah     D. mitos

II. Jodokeun!
No.                  Pernyataan A                                Pernyataan B
31.    (.......) Kembang cau                                  A.  ulated
32.    (.......) Kembang bako                                B.  olohok
33.    (.......) Kembang gedang                            C.  ingwang
34.    (.......) Kembang bawang                           D.  bosongot
35.    (.......) Kembang kadu                                E.  jantung


III. Eusian titik-titik di handap ieu!
36.    Sikep anu biantara nyaeta kudu ....
37.    Sawala dilaksanakeun pikeun ngarempugkeun ....
38.    Cai laut rasana ....
39.    Hirup mah kudu runtut ....
40.    Ukuran dina peta jeung ukuran anu sabenerna disebutna ....
41.    Naon ngaranna radio milik pamarentah ....
42.    Adi bapa anu awewe disebutna ....
43.    Bubuka jeung panutup biantara biasana ku ....
44.    Karajaan mah dipingpin ku ....
45.    Tempat nyieun barang make mesin disebutna ....

IV. Jawabah pertanyaan di bawah ini!
46.    Tanggal 20 Mei teh sok dipieling sabab ngandung sajarah naon?
47.    Jalma anu pagaweanana ngala lauk di laut sok disebutna naon?
48.    Bangsa naon bae anu pernah ngajajah bangsa urang?
49.    Aya sabaraha bagean anu perlu disiapkeun
50.    Kudu kumaha urang diajar teh? Jelaskeun!



1 komentar:

  1. Online Casino Sites UK | Online Casino UK
    Online casino 카지노사이트luckclub sites UK. All you need to know about casino sites in the UK. Top UK casino sites with slots, table games, jackpots and more.

    BalasHapus